Silsilah Rancah
Oleh : Yuristia Habibah
Dina abad 16 Masehi, Karajaan Galuh dipecah jadi dua bagean nyaeta :
1. Kabupaten Galuh, Ibukotana di Imbanagara
2. Kabupaten Ciancang, Ibukotana di Utama
Kadua pamarentahan ieu ngaku ka pamarentahan Sultan Agung dari Mataram.
Dina zaman Bupati Galuh Rd. Tumenggung Jayengpati (1612). Ibukota Kabupaten Galuh pindah ka Ciamis nepikeun ka ayeuna. Sareng Kabupaten Ciancang, Ibukotana pindah ka rajadesa, kanggo Kabupaten Ciancang anu Ibukotana enggal pindah ka Rajadesa, Sultan Agung ngangkat Hayam Canggong, hiji jalma anu mangrupakeun katurunan Siliwangi janten Senopati, kanggo ngajaga serangan ka Mataram ti sabeulah barat. Anjeuna ngagempur pemberontakan Hindu anu aya di Ranca, sareng musuhna ngahiang. Di daerah bekas ngahiangna eta aya dua tugu batu, anu ayeuna daerah eta dingarannan Sanghiang, sareng bekas Pertakon (Lawang Gada)na, dingaranana Leuweung Gede. Kanggo jasana anu ageung eta Hayam Canggong dipasihan gelar Tumengung ku Sultan Agung.
Dina masa Hayang Canggong, Bupati karawang Tumenggung Suradiwangsa ngaberontak ka mataram, janten Sultan Agung ngutus Tumenggung Kertabumi kanggo ngabalesna, Saentos meunang Kertabumi diangkat janten Dalem Karawang, sareng gelar Adipati Panatayuda(1612-1620).
Saentos Hayam Canggong pupus diteraskeun ku anakna Adipati Janglapa salajengna diturunkeun ka Adipati Belo, sabaraha hiji waktos pamarentahanna, Anjeunna ku Sultan Agung diangkat janten Dalem di Gebang. Pamarentahan diteraskeun ku anakna Adipati Janglatri, salajengna kakuasaan dipasihkeun ka putranna nyaeta Tumenggung Surapati, waktos eta pamerentahan dialihkeun ka Kawunglarang, teu ka Rancah, pedah rancah masih Ranca( digenangi ku cai). Anjeunna pupus taun 1703 sareng dikurebkeun di Kawunglarang. Salajengna Pamarentahan diteraskeun ku putrana Dalem Suralaksana, dina waktos eta pusat kota dipindahkeun ka Cileungsir. Ieu the anu dingarannan Dalem Rancah.
Dalem Rancah (suralaksana) gaduh dua anak nyaeta Dalem Banukerti sareng Nyi Raden Turi(Nyi Raden Depok) anu nikah sareng Raden Kiayi Nugraha ti utama Ciamis, putra Dalem Wirasari (Dalem Rahong) . Nugraha the santri ti Pasantren di Ajibarang (cilacap), salajengna saentos nikah sareng Nyi Raden Depok, ngabuka Pasantren di Rancah, tepatna di Depok. Anu ayeuna janten makamna, sareng dingarannan makam Nyi Raden Depok.
Rancah : Ranca ( digenangi air)
*) diambil dari Catatan Kakek KH. R.A Rohana